Saturday, March 19, 2022

Dongeng Bahasa Sunda : Kuya Ngagandong Imahna

Dijaman baheula, kapungkur mah imah-imah kuya téh aya di sisi-sisi muara. Saban poé kuya gawéna ngan ukur ngahuma (berladang). Kuya getol pisan kana ngahumana téh, indit isuk balik magrib. 

Hiji mangsa basa manéhna keur di huma, aya hujan angin anu gedé kacidaan. Tatangkalan loba anu rarubuh, kitu deui jeung imah sakadang kuya milu hiber katiup angin, Brus wéh.. Lép kalem, ragag ka leuwi. Sakadang kuya atuh sedih kapisan, barang balik imahna geus teu aya. Isukna, kuya nyieun deui hiji imah anu tohaga (bangunan ageung jeung kuat) supaya ulah kabawa angin deui. Hiji poé, kuya balik ti huma tuluy masak keur dahar soré. Sabot masak manéhna ka cai hela, keur di cai manéhna nempo haseup ngebul dina suhunan imahna. 

Kuya gancang mareman, tapi geus teu kaburu. Tungtungna mah kuya téh hing baé ceurik bari nempo imahna anu béak ka beuleum. Teu lila, keur kitu ujug-ujug jol baé sakadang monyét kolot anu geus loba huisan. Éta monyét téh ngomong ka kuya. “Tong diceurikan sakadang kuya, nyieun deui baé imah mah!” 

“Lain mantak sakali ieu baé sakadang monyét, harita gé kitu baé aya hujan angin gedé, imah kuring ruksak keur ditinggakeun ka huma. Kudu kumaha atuh akalna supaya hayang boga imah anu awét téh?” 

“Gampang atuh kuya, ngarah imah hayang ulah cilaka mah babawa baé ulah di tinggakeun. Pék ayena mah, manéh nyieun deui imah anu alus jeung kuat. Engké lamun geus anggeus, ku urang pasangkeun ka tonggong manéh, jieun pantona sakira asup kana sirah baé supaya gampang ngasupkeun sirahna ka jero.” 

Éta omongan monyét téh di turutkeun ku kuya, tuluy manéhna nyieun deui imah anu alus jeung kuat, nu gedéna ngukur kana awak, panto di harepna ukur bisa longgor sirah paranti kaluar asupna baé. Saengges imahna jadi, prok baé dipasangkeun kana tonggongna, ari sakadang monyét anu memenerkeun nana. 

Tah ti harita mah imah sakadang kuya téh sok di babawa baé di gagandong. 


Pesan moral : Jadi jalma mah kudu getol kos sakadang kuya tapi tong gampang putus asa jeung teu boga akal. Sarta kudu daék babantu ka batur kos sakadang monyét.

Artikel Terkait